Jumat, 14 Maret 2008

Jawa Barat (Jawa Kulon)

Jawa Barat (Jawa Kulon) nyaéta salasahiji propinsi di Indonésia, ayana di Pulo Jawa nu ibukotana di Bandung.

Sajarah nunjukkeun yén Jawa Kulon kaasup salasahiji propinsi munggaran Indonésia, dumasar kana pernyataan ti Staatblad nomer 378. Taun 1950 nu ngawawarkeun yén propinsi Jawa Kulon jadi salasahiji propinsi di Indonésia.

Tanggal 17 Oktober 2000, Jawa Kulon dimekarkeun ku diadegkeunnana propinsi Banten.

Jawa Barat (sanggeus Banten misah) populasina 35.500.611 (perkiraan taun 2000) jeung legana 34736 Km2.

Jawa Barat diwatesan ku Jakarta jeung propinsi Banten di beulah kulon, jeung Jawa Tengah di beulah wetan. Di beulah kaler Laut Jawa. Di beulah kidul Samudra Hindia. Teu saperti umumna propinsi di Indonesia nu ibukotana di daerah pantai, ibukota Jawa Barat Bandung ayana di daerah pagunungan sarta daerahna dilingkung ku gunung.

Basa resmi anu digunakeun nyaéta Basa Indonesia, basa séjénna anu populér nyaéta basa Sunda. Di sababaraha daeérah pakidulan anu deukeut ka wates Jawa Tengah, migunakeun basa Jawa. Di wewengkon Cirebon jeung sabudeureunana (Majalengka, Indramayu, Sumber), dipaké dua rupa basa nu nyoko ka basa Sunda jeung basa Jawa

Daptar kabupatén jeung kota di Jawa Barat:

  1. Kabupatén Bandung
  2. Kabupatén Bandung Kulon
  3. Kabupatén Bekasi
  4. Kabupatén Bogor
  5. Kabupatén Ciamis
  6. Kabupatén Cianjur
  7. Kabupatén Cirebon
  8. Kabupatén Garut
  9. Kabupatén Indramayu
  10. Kabupatén Karawang
  11. Kabupatén Kuningan
  12. Kabupatén Majalengka
  13. Kabupatén Purwakarta
  14. Kabupatén Subang
  15. Kabupatén Sukabumi
  16. Kabupatén Sumedang
  17. Kabupatén Tasikmalaya
  18. Kota Bandung
  19. Kota Banjar
  20. Kota Bekasi
  21. Kota Bogor
  22. Kota Cimahi
  23. Kota Cirebon
  24. Kota Depok
  25. Kota Sukabumi
  26. Kota Tasikmalaya

Sumber Daya Alam

Bahan baku alami:

Daérah perkebunan:

Sababaraha bendungan keur kaperluan pembangkit listrik.

Pariwisata

Sarsilah Ngaran Patempatan Di Tatar Sunda

Éséy Dédé Kosasih Oléh-oléh Priangan dilingkung gunung
Majalaya, Soréang, Banjaran Bandung...


Sempalan lagu "Borondong Garing" di luhur téh ngandung déskripsi sawatara ngaran tempat nu aya di Tatar Sunda. Demi nataan ngaran-ngaran tempat téh ilaharna sok disebut toponimi. Nurutkeun kajian folklore, toponimi téh bagian tina élmu onomastika (onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma, ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana 'sajarah' ngajanggélékna.

Nataan ngaran tempat tangtu bakal loba rambat kamaléna lantaran ngajujut ngaran tempat mah teu cumpon ku nyawang ngan tina hiji aspék baé. Nya sawadina kudu dijujut deuih rupa-rupa informasi nu nyampak disatukangeun kaayaan éta tempat. Kumaha pakuat-pakaitna antara ngaran tempat jeung éta informasi? Ilustrasi di handap saeutikna baris méré gambaran anu écés.

Upamana, mun ti Subang rék ka Bandungkeun urang tangtu bakal ngaliwatan Tanjakan Émén. Éta tempat téh pernahna di kebon entéh, méméh gerbang Tangkuban Parahu. Mun dititenan éta ngaran tempat téh ngandung sababaraha informasi. Kahiji, pangna disebutkeun Tanjakan Émén nurutkeun setting fisikal (morfogéologis atawa kontur permukaan bumi) lantaran éta jalan téh nanjak (nanjeur). Kadua, di éta tanjakan téh nurutkeun setting sosial, cék sakaol mah (kira-kira taun 70-an) kungsi aya kajadian nu matak geunjleung. Di éta tempat, kungsi aya supir ompréngan Bandung-Subang cilaka, ngan duka alatan tabrakan duka tigebrus, nepi ka maotna. Ngaranna Émén. Ari cék mitos (setting kultural), lamun nu rék ngaliwat ka éta tempat kudu ngalungkeun roko ngarah salamet.

Kasus-kasus modél kitu téh bisa baé kapanggih di unggal tempat. Tina rupa-rupa informasi nu diébréhkeun dina ilustrasi téh tétéla ngaran tempat téh ngurung kana aspék-aspék fisikal, sosial jeung kultural ngeunaan éta tempat.



Mun dijujut, di urang (Tatar Sunda) teu saeutik ngaran tempat nu diasosiasikeun jeung rupa-rupa talajak alam (setting fisikal) nu pernah aya. Aya sababaraha pola nu maneuh raket jeung asosiasi, biasana ku cara matalikeun ngaran tempat jeung talajak alam téa. Éta pola téh bisa dicirian ku: kahiji, pola linier nyaéta ngaran tempat sacara langsung diadaptasi tina talajak alam. Demi talajak alam téh bisa ngawengku aspék hidrologis, aspék morfogéologis (kontur permukaan taneuh) jeung aspék biologis. Ari nu dimaksud pola nu kadua nyaéta ngaran tempat nu dicokot tina dua atawa leuwih boh talajak alam boh aspék sosiokultural dibarungkeun jadi hiji ngaran (konsép).

Ngaran patempatan nu ngindung kana aspék hidrologis di urang mah teu wudu beungharna. Mun cek istilah Karl A. Witfogel (urang Jerman) mah urang Sunda téh kakolomkeun kana hydrolic society, masarakat nu teu leupas tina cai. Ari kituna mah geus pada-pada maphum yén tanah Sunda téh cenah kawentar daérah nu subur ma'mur. Ari salasahiji ciri suburna taneuh téh nyaéta ku cur-corna cai. Ceuk nu resep heureuy téa mah cenah diciptakeunana Tatar Sunda ku Gusti Alloh téh ngadamelna ogé bari "marahmay, tur imut ngagelenyu".

Geura urang guar, aspek hidrologis nu patali jeung pola linier, ngaran Andir upamana. Éta kecap téh seuhseuhanana mah kalawan torojogan diadaptasi tina talajak alam aspék hidrologis, anu saharti jeung huluwotan (springs), séké atawa cinyusu. Disawang tina jihat sajarah, munasabah Andir (lebah Bandara Husen Sastranegara) téh baheulana teu bina ti sumur. Ku lantaran éta tempat téh subur ku cai, Andir téh harita jadi tempat anu kagiridig. Jadi tempat pangimpungan jalma-jalma nu lumampah jauh boh nu badarat boh nu tumpak kuda pikeun ngaso jeung ngaleungitkeun hanaang. Lila-lila mah éta tempat téh jadi ramé, jadi pangjugjugan ti mana-mana. Nilik kana talajak alam nu aya di tatar Sunda, bawirasa mun di unggal tempat aya lembur nu dingaranan Andir. Di éta tempat bakal manggihan kalawan langsung aspék hidrologis anu disebut cinyusu, séké nu pernahna di suku gunung atawa lamping. Conto pola linier nu pakait jeung aspek hidrologis séjénna upamana ngaran: Empang, Parigi, Dano, Bendungan; Léngkong; Parung; Dermaga, jsté.

Ari pola nu kadua, lantaran gabungan téa tina dua aspek atawa leuwih (aspek hidrologis jeung aspék séjén kaasup rupaning istilah) di antarana: ci(cai): Ci-malaka; séké: Sékéloa; leuwi: Leuwidaun; curug: Curugsigay; bantar: Bantarmara; muara: Muararajeun; balong: Balonggedé; sawah: Sawahkurung; parakan: Parakansaat; situ: Situaksan; émpang: Émpangsari; solokan: Solokanjeruk; kali: Kalipucang; karang: Karangnini; ranca/rawa: Rancapurut, Rawa- badak; sagara: Sagaraanakan; sumur: Sumurbarang; talaga: Talagawarna; tambak: Tambaksari; lebak: Lebaksiuh; parigi: Parigimulya jrrd.

Tah lebah akumulasi tina ngaran-ngaran tempat di Tatar Sunda nu ditataan di luhur, bawirasa mun diproséntasekeun téh tangtu bakal didominasi ku ngaran nu dimimitian ku kecap ci. Naon sababna? Perlu aya panalungtikan nu leuwih jero.

Lian ti aspék hidrologis, ngaran tempat téh sok dipatalikeun ogé jeung aspék morfogéologis (dumasar kana kontur permukaan bumi) deuih. Ari pola linier nu patali jeung aspek morfogeologis di antarana: Punclut/Penclut, Legok, Tegal, Talun; Genténg jsté. Sedengkeun pola nu ngindung ka nu kadua Lemah Neundeut, upamana. Éta ngaran téh diadaptasi tina kaayaan lemah (taneuh) anu neundeut akibat ayana rohang di jero taneuh anu kosong (téktonik) nu ahirna ngareunteutkeun struktur taneuh. Conto-conto séjénna ngaran tempat nu diadaptasi tina aspék morfogéologis nu ngindung kana pola nu kadua, upamana baé: tina kecap tegal jadi ngaran Tegalkalong; kebon: Kebonjukut; cadas: Cadasngampar; pasir: Pasirjati; batu: Baturéok; guha: Guhapawon; legok: Legokhuni; bojong: Bojongméron; ujung: Ujungkulon; geger: Gegerkalong; tanjung: Tanjungsari; pulo: Pulomajeti, jrrd.

Kasus nu spésifik, deskripsi ngaran tempat nu patali jeung aspék morfogéologis bakal leubeut kapanggih di daérah pakidulan Tatar Sunda nu manjang ka tebéh wétan. Éta tempat téh mangrupa kawasan pagunungan anu katelah Southern Mountains, nu nuduhkeun hiji daérah pagunungan (non vulkanik). Tina kontur taneuh modél kitu munasabah mun di éta tempat loba nu dicokot tina talajak alam. Kota Tasikmalaya, apan salah sahiji cirina loba ngaran tempat nu maké ngaran gunung, nepi ka sohor ku jujuluk the ten thousand hill of Tasikmalaya. Kesan pernah ayana talajak alam modél kitu téh bisa diidentifikasi ngaliwatan ngaran tempat nu maké kecap gunung. Upamana bagian wilayah kota nu dibéré ngaran: Gunung sabeulah, Gunung lipung, Gunungroay, Gunung sari, Gunung gadog, Gunung pereng, Gunung awi, Gunung jambé, Gunung putat, Gunung Ki-Cau, Gunung Pongpok jrrd.

Sedengkeun aspek biologis sok dipatalikeun jeung lingkungan alam (sistem ékologis) nu aya di sabudeureunnana. Ngaran tempat biasana dicirian atawa ngarujuk kana aspek flora jeung fauna. Upamana flora, nyaéta tangkal nu aya atawa nu hirup di éta tempat. Geura urang pedar nu patali jeung pola linier dina aspek biologis. Upamana ngaran Kosambi. Mungkin baé éta tempat téh harita mah can boga ngaran. Pikeun kapentingan nuduhkeun éta tempat, kabeneran deuih di dinya téh aya tangkal kosambi nya tuluy ditarelah baé ngaran Kosambi, malah nepi ka ayeuna. Di tatar Sunda bawirasa asa loba pisan ngaran tempat nu maké ngaran tutuwuhan/tangkal tina pola linier. Geura urang tataan ngaran-ngaranna, saperti: Garut, Bayongbong, Sentul, Kosar, Katapang, Dangdeur, Calingcing, Dukuh, Rambutan, Balingbing, Cangkuang, Baros, Loa, Menteng, Bintaro, Bencoy, Jati, Paséh, Kopo, Kirisik, Haramay, Petir, Kawista, Kroya, Gorda(h), Gempol; Gandasoli; Gambir; Gadog, Jamblang, Jambu, Jampang, Darangdan, Bugel, Bihbul. Gombong, jrrd.

Demi pola nu kadua, nya eta Haurkonéng, Haur Pancuh, Haur Pugur, Buahdua, Warudoyong, Kalapanunggal, Kasomalang, Kiaracondong, Gintunglempeng, Jatitujuh, Kawungluwuk, Pakuhaji, Kadungora, Rengasdengklok, jrrd. Kaasup ngaran tempat séjénna, Dungusmaung (dungus atawa rungkun; maung), Leuweungtiis (leuweung; tiis (aspék klimatologis)), Pengkolan Asem, Warung Togé, Leuwilaisah, jrrd.



Kumaha ari ngaran tempat nu dicokot tina aspék sosial? Ngaran Banceuy (lebah alun-alun Bandung beulah kalér) upamana. Banceuy téh sacara étimologis ngabogaan harti kompléks kuda, kaasup istal jeung nu ngurusna. Ieu patempatan téh gelarna sabada aya jalan raya pos (Grote Postweg) nu ngembat ti Anyer ka Panarukan téa. Ieu Banceuy téh sok dipaké tempat pangreureuhan atawa bagantina kuda pikeun kapentingan transportasi jeung kaperluan pos (pasuratan) harita. Mun aya surat atawa barang ti Batawi kudu dianteurkeun ka Semarang, nya tangtu baé moal kuateun mun kudu meleter kuda hiji nepi ka Semarang. Munasabah pisan upama ngaran Banceuy téh aya méh di tempat (kota) nu kaliwatan ku éta jalan.

Conto séjén, Balubur. Apan éta ogé teu leupas tina aspék sosial jaman pangawulaan. Harita balubur téh ngaran tempat aya dina kakawasaan bupati (boga hak istiméwa). Mun cara ayeuna mah meureun sarua jeung kompléks perumahan pejabat (para menak) kabupatén. Conto séjénna nu patali jaman pangawulaan: Patrol, Karéés, Régol, Pamager sari, Pungkur jsté. Atuh ngaran-ngaran nu maké kecap kekebonan luyu jeung tangkal nu dipelakna (lelewek Bandung), upamana: Kebon Kalapa, Kebon Jukut, Kebon Kawung jrrd. éta ogé teu leupas tina aspék sosial harita. Kebon kopi di Ciaruteun (Bogor), apan teu leupas tina sétting sosial malah kaasup setting kultural, nyaéta tempat dkapanggihna prasasti batutulis Kebon Kopi. Éta tempat téh ngait kana jaman 'tanam paksa' Culturstelsel nu ngawajibkeun masarakatna marelak kopi. Harita leuweung dibabad pikeun dijadikeun kebon kopi. Nepi ka ayeuna éta tempat téh nelah kampung Kebon kopi. Titinggal cultur stelsel téh, nu abadi nepi ka kiwari sok dikarawihkeun, cenah:

Dengkleung déngdék, buah kopi raranggeuyan
Ingkeun anu déwék ulah pati diheureuyan.


Ari ngababad leuweung pikeun kapentingan pitempateun ilaharna sok disebut ngababakan. Mun rék ngababakan tara leupas sistem kapercayaan masarakatna ngeunaan hadé-goréngna hiji tempat. Tina sistem pangaweruh masyarakatna kana panataan patempatan nya lahir istilah-istilah topografi saperti: galudra ngupuk, pancuran emas, satria lalaku, kancah nangkub jsté. Tah lembur meunang muka anyar téh sok ditarelah wé kampung babakan.

Di Bandung gé apan sakitu ngaleuyana ngaran tempat nu maké kecap babakan, saperti Babakan Surabaya, Babakan Ciamis, Babakan Sumedang, Babakan Ciparay jsté. Éta ngaran-ngaran tempat téh raket pisan patalina jeung talajak sosial waktu ngadegkeun éta tempat. Babakan Surabaya upamana, dalit pisan jeung talajak sosial, ku kajadian dipindahkeunana instalasi militér, pabrik senjata/mesiu nu sok disebut Artillerie Contructie Winkel (ACW) ti Ngawi jeung Surabaya ka lelewek Kiaracondong. Ayeuna mah éta pabrik senjata téh katelah PINDAD. Ti dinya loba pagawé ACW (urang Surabaya jeung Ngawi) nu pindah ngaradon "bedol désa" ka Tatar Sunda. Cék Haryoto Kunto, nya ti harita aya kacapangan dina wangun sisindiran keur ngageuhgeuykeun urang Jawa nu unina "Jawa Kowék dagang Apu, datang poék teu diaku". Ieu geuhgeuyan téh lantaran loba "bedoler" datangna ka Bandung kapeutingan. Boa boa pedah naék spur "Si Kuik" kawasna mah, anu ngadided majuna jeung loba eureunna téa. Sadatangna ka Bandung, tuluy baé muka lembur, arimah-imah, nya katelah wé babakan Surabaya.

Masih cék Haryoto, aya talajak sosial anu unik sabudeureun kota Bandung harita. Bawirasa ayeuna ogé masih dipaké. Nyaéta sebutan 'dayeuh'. Dayeuh téh mangrupa istilah anu populér pikeun ngarujuk kota Bandung. Jadi nyaba ka 'dayeuh' maksudna indit ka Bandung.



Ari sétting kultural nyaéta ngurung kana ngaran tempat nu dipatalikeun jeung unsur-unsur gagasan atawa ide saperti: aspék mitologi, folklore, sistem kapercayaan masarakatna. jsb. Najan dina émprona mah dalit jeung seting sosial. Saupama ngajujut ngaran tempat, teu kakobet ku cara boh setting fisikal, boh setting sosial nya tarékah pamungkas téh maké setting kultural. Lamun loba ngaran tempat/kota di tatar Sunda nu teu bisa dijujut maké perspéktif fisikal, nya wayahna kudu dibantuan ku mitologi, folklore jeung sistem kapercayaan. Majaléngka pan ngaitna téh jeung mitologi Nyi Rambut Kasih, Bandung nyantélna jeung carita legénda Sangkuriang, Sumedang jeung étimologi Insun Medal jste. Réa kénéh ungkabeun mah saperti Tanjakan Sahrudin? Dago Jawa? Selagedang? Gado Bangkong? Curug Pangantén? Gunung Tampomas? Gunung Galunggung? jrrd. Lebah dieu perlu metakeun jampé pamaké téh. Dina nyukcruk ngaran tempat, informasina téh biasana nyamuni disatukangeun budaya nu jadi bagian integral tina kahirupan masarakatna.

Nyukcruk sarsilah ngaran Plumbon, Karapyak, Palimanan jste. mun kurang-kurangna urang apal kana kasangtukang budaya, tangtu bakal lebeng, bakal poékkeun. Nya cara maluruhna, kahiji ku jalan mesék éta kecap sacara étimologis; nu kadua dipatalikeun jeung aspék sosial budaya jaman harita ngeunaan éta tempat, saperti conto kasus Tanjakan Émén di luhur.

Geura urang pesék, upamana Palimanan. Naon sababna bet dingaranan Palimanan? Singhoréng aya sasakalana. Kecap palimanan téh sacara étimologis asal kecap tina liman (Kawi) nu hartina gajah, dibéré rarangkén barung (konfiks) pa-an nu hartina tempat. Sabada dirarangkenan éta kecap ngandung harti tempat nu dicicingan ku gajah. Ceuk légégna mah komplék gajah.

Naha maké aya gajah di éta tempat? Demi kota Palimanan, aya di daérah bawahan karajaan Cirebon (Sultan Cirebon). Ari Sultan téh nya raja téa. Demi nu jadi raja harita, (patalina jeung kontéks sosiokultural mitis-magis) boga anggapan yén miara gajah (satwa kalangenan) mangrupa salahsahiji kasaktén anu gedé pisan pangaruhna kana kalungguhan jeung komara éta raja. Nurutkeun B. Anderson dina seuhseuhanana tradisi pikiran politik Jawa (Sunda) kacida muhit jeung mentingkeunana kana kamampuh museurkeun kasaktén. Tah lebah miara satwa di lingkungan karaton/karajaan, dianggap bisa népakeun karakter nu sarua ka raja. Mawat gajah (salaku mitos) dipercaya bisa ngalambangkeun kaagungan, kakuatan sarta kasaktén éta raja/sultan.

Tina pedaran di luhur, katitén yén ngaran-ngaran pilemburan husus di Tatar Sunda teu sagawayah. Unggal ngaran tempat téh ngabogaan kasangtukang kasajarahan (sasakala) nu patali jeung setting fisikal, setting sosial jeung setting kultural. Nya kekecapan karuhun urang yén lembur matuh, dayeuh maneuh banjar karang pamidangan téh ninggang dina kekecrék. ***

tina: sundanet.com

Senin, 11 Februari 2008

Tarekah Diajar Basa Sunda

AYA tilu institusi pikeun nuwuhkeun kaparigelan ngagunakeun basa Sunda. Tilu institusi nu dimaksud nya eta institusi formal, informal jeung non formal. Institusi formal, ceuk Budayawan Sunda, Drs. H.R. Hidayat Suryalaga, tegesna atikan basa Sunda di sakola boh sakola negri boh sakola swasta kaasup sakola agama/pasantren, madrasah ti mimiti TK/TPA nepi ka SMA/SMK/MA jeung paguron luhur. “Ieu mah parantos aya unsur pangrojongna nya eta kurikulum, alokasi waktos, pigurueunana sareng waragadna,” ceuk Hidayat Suryalaga, dina hiji acara di Kuningan, sawatara waktu kaliwat.

Ari atikan basa Sunda informal nya eta atikan basa Sunda nu dilarapkeun di lingkungan kulawargana sewang-sewangan. Eta kacida gumantung ayana kasadaran ngeunaan pentingna basa/budaya Sunda anu nyampak di unggal kulawarga. Lebah dieu, ceuk Hidayat, aya kulawarga nu nganggap henteu penting, aya anu biasa-biasa bae, aya oge nu nganggap kacida pentingna. “Kedahna di unggal kulawarga aya kasadaran anu sipatna jembar, tegesna anggota kulawargana kedah mampuh ngagunakeun rupi-rupi basa (multilanguage), aya paribasa arab yen kuli lisani bil insani sami sareng kualitas hiji jalma bakal unggul lamun mampuh ngagunakeun rupa-rupa basa,” ceuk Hidayat Suryalaga, bari nyebutkeun yen nuwuhkeun basa Sunda non formal, tegesna nuwuhkeun basa Sunda di masarakat sapopoena.

Nurutkeun Hidayat Suryalaga, saenyana rea cara atawa strategi anu bisa digarap ku sakumna pihak, diantarana pikeun subyek atawa pribadi anu nyaritana kudu percaya diri yen bisa nyarita basa Sunda diantarana ulah rea teuing menta hampura dumeh basa Sundana goreng, nu penting mah asal bisa kahartieun heula fungsi komunikasi. Pon kitu, dina nyusun kalimah biantara dimimitian tina kalimah nu pondok heula, sanggeus lancar kakara ngagunakeun kalimah nu leuwih panjang, cohagna mah kudu dibiasakeun ngareungeukeun batur nu nyarita ku basa Sunda nu bener jeung merenah.

Sagigireun ti eta, kudu dimimitian ngoreksi sacara lantif atawa arif, upama batur keur nyarita tapi karasana keneh kecap atawa basana salah, eta baris nimbulkeun kasadaran instrofeksi diri. Saheulaanana kudu apal 30 kecap basa lemes, sedeng anu digunakeun keur pribadi atawa diri sorangan. Pikeun nu ngareungeukeun ulah waka rea teuing ngageuing, iwal upama geus katingali kapercayaan dirina geus pengkuh.

Hal sejena deui, kudu aya tuladaneun pangpangna ti jalma-jalma nu mibanda kalungguhan atawa pangaruh di masarakat samodel RT/RW, Da”i, Lurah, Camat, Bupati, anggota DPRD, jst. Nu puguh mah ulah disingsieunan, upama wae nyebutkeun jeung tibatan basa Sundana salah atawa goreng mah, kalahka ngaruksak basa Sunda, enggeus bae ku basa Indonesia sakalian….” atawa kecap kieu, “Hese euy diajar basa Sunda mah loba aturanana, aya basa lemes jeung basa kasar”. Hidayat nyontokeun.

Rea ngareungeukeun nu nyarita basa Sunda, sapopoena upamana di kantor salah sahiji tarekah pikeun ngabeungharan dina enggoning diajar basa Sunda. Sok komo lamun dipitembeyan ku para pamingpinna, tangtu engkena bakal diturutan ku sakabeh karyawanna. Di mushla/masjid, para khotib jeung alim ulama, kudu rea ngagunakeun basa sunda. Mimiti mah keun wae dicaruk oge jeung basa Indonesia, arab. Ngan lila-lila mah kudu dikandelan direaan kecap-kecap basa Sundana. “Tiasa nganggo basa Sunda nu basajan heula, anu penting kahartoseun heula maksad tina anu disaurkeun,” ceuk Hidayat Suryalaga.

Ieu Warta teh Kungsi dimuat dina Koran Galura

Senin, 28 Januari 2008

Walungan Haté

(Konser duet Live cent cent jeung sireum)

dimana katumbiri teh nyai?
nu aya ngan caah bandang
langit heurin ku pepedut
naha srangenge teu bisa ngabagikeun suriang

mumunggang langit geus kalimpudan ku haseup, mamang
eweuh nu nyesa iwal ti tarajalna batu-batu nu meh aya di unggal titincakan
eweuh deui tempat paranti urang ngiuhan, mamang
ganti ku imah sigrong nu pada nyebut villa tea
kamana ari walungan tempat muru meakkeun hanaang
kamana, mamang?

nyai, walungan mah ngan aya di hate urang
nu hanaang kutiisna cai
sesa ibun subuh tadi
nyai,
ibun mah ukur nu urang
nu unggal poe ngorondang
neangan bahan paranti dahar
villa, nyai
beu asa jadi katumbiri
nu suda
ka kabiri ku seahna caah kabutuh
beu nyai, na kamana kudu ngiuhan


meureun bener ceuk nu jadi indung, mamang
geura pelak tatangkalan na leuweung jero dada
tancebkeun sing pageuh ka museur hate
hiji waktu, anjeun bakal beakeun tangkal saukur keur ngiuhan
mangsa eta, tangkal na dada anjeun bakal mere hiliwir angin nu geus mangpirang2 jaman leungit diteureuy waktu

hayu atuh, nyai
sing caringcing mageuh kancing
saringset mageuh iket
urang pelak mang rewu-rewu tutuwuhan
di hate urang
keur barudak nu bakal hanaang di mangsa datang
hayu nyai,
melak rasa
ku asih
jeung nyaah
keur panyebor tutuwuhan rasa
jang mangsa nu bakal karasa
ku barudak, jaga


hayu, mamang
urang singkil
nyingkahkeun hama ceuceub jeung ngewa
ngabasmi wereng korup
jeung sarakah
hayu, mamang!

Nu taat

Umat taat
Imanna kuat
Tumut nasehat
Cekel amanat
Tara khianat
Yakinkeun syhadat
Nanjeurkeun sholat
Puasa tamat
Mere zakat
Ka haji mangkat
Pamadegan tepat
Awak sehat
Bathin wal afiat
Elmuna manfaat
Boga bakat
Gawe giat
Pagaweanna maslahat
Rezeki ningkat
Tutulung rikat
Ka sasama hormat
Tara ngumpat
Tara maksiat
Alam dirawat
Masyarakat kabengbat
Luhur martabat
Loba sobat
Mindeng tirakat
Salawasna tobat
Meunang rahmat
Dunya nikmat
Sugema akherat

Kanyaah Indung - Bapa

Gubrag ka alam dunya, kocéak dengékna jéntré meupeuskeun jemplingna peuting.
Disanggap ku cireumbay kabungah nu jadi kolot.
Renghap-ranjugna indung nu ngalahirkeun,
Kahariwangna Bapa anu teu aya watesna
Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring.

Belenyéhna seuri kuring matak gumbira anu jadi kolot,
Réngkak polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot.
Waktu kuring nandangan lara kolot kuring bingung anu teu aya hinggana,
Teu kuat ngabendung kabingung indung kuring nyegruk ceurik.
Ningali kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas bangun nalangsa, nalangsa pinuh ku kanyaah.

Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah
Kasaha deui mun teu ka kolot kuring, kuring ngadu
Bapa kuring anu ngabébérés masalah kuring
Indung kuring anu ngupahan rasa kasedih kuring

Ayeuna kuring geus gedé
Ayeuna kolot kuring geus rarempo
Asa can pernah kuring mulang tarima
Nu aya ngan ngaririweuh jeung méré kapusing anu jadi kolot

Boh indung kuring atawa bapa kuring
Dugi ka ayeuna kanyaahna teu pegat-pegat
Kajeun jauh ditungtung lembur
Kajeun anggang ti pakarangan
Kanyaah indung bapa kuring tetep pageuh teu aya watesna

Duh... Ema, Bapa hampura kuring
kuring teu acan tiasa mulang tarima kanu jadi kolot

Ngiring Bela Sungkawa

Innalillahi Wa Innailaihi Raji`un
Tos Mulih Ka Jati Mulang Ka Asal Rehna Ka Rahmatullah. Mantan Presiden Urang,
BAPA HAJI MUHAMMAD SOEHARTO. Pi mudah-mudahan Sagala amal Saena Tiasa Ditarima Ku Mantenna, Malah Mandar Tiasa Ditarima Disisi Anu Maha Kawasa.

Raja-raja Karajaan Sunda

  1. Tarusbawa (minantu Linggawarman, 669 - 723)
  2. Harisdarma, atawa Sanjaya (minantu Tarusbawa, 723 - 732)
  3. Tamperan Barmawijaya (732 - 739)
  4. Rakeyan Banga (739 - 766)
  5. Rakeyan Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
  6. Prabu Gilingwesi (minantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
  7. Pucukbumi Darmeswara (minantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
  8. Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
  9. Prabu Darmaraksa (adi beuteung Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
  10. Windusakti Prabu Déwageng (895 - 913)
  11. Rakeyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
  12. Rakeyan Jayagiri (minantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
  13. Atmayadarma Hariwangsa (942 - 954)
  14. Limbur Kancana (putra Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
  15. Munding Ganawirya (964 - 973)
  16. Rakeyan Wulung Gadung (973 - 989)
  17. Brajawisésa (989 - 1012)
  18. Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
  19. Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
  20. Sri Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
  21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
  22. Langlangbumi (Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
  23. Rakeyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
  24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
  25. Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
  26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
  27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)
  28. Prabu Linggadéwata (1311-1333)
  29. Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
  30. Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
  31. Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (nu perlaya dina Perang Bubat, 1350-1357)
  32. Prabu Bunisora (1357-1371)
  33. Prabu Niskalawastukancana (1371-1475)
  34. Prabu Susuktunggal (1475-1482)
  35. Jayadéwata (Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
  36. Prabu Surawisésa (1521-1535)
  37. Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543)
  38. Prabu Sakti (1543-1551)
  39. Prabu Nilakéndra (1551-1567)
  40. Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579)

Karajaan Sunda

Karajaan Sunda
 
Loading...