Senin, 28 Januari 2008

Walungan Haté

(Konser duet Live cent cent jeung sireum)

dimana katumbiri teh nyai?
nu aya ngan caah bandang
langit heurin ku pepedut
naha srangenge teu bisa ngabagikeun suriang

mumunggang langit geus kalimpudan ku haseup, mamang
eweuh nu nyesa iwal ti tarajalna batu-batu nu meh aya di unggal titincakan
eweuh deui tempat paranti urang ngiuhan, mamang
ganti ku imah sigrong nu pada nyebut villa tea
kamana ari walungan tempat muru meakkeun hanaang
kamana, mamang?

nyai, walungan mah ngan aya di hate urang
nu hanaang kutiisna cai
sesa ibun subuh tadi
nyai,
ibun mah ukur nu urang
nu unggal poe ngorondang
neangan bahan paranti dahar
villa, nyai
beu asa jadi katumbiri
nu suda
ka kabiri ku seahna caah kabutuh
beu nyai, na kamana kudu ngiuhan


meureun bener ceuk nu jadi indung, mamang
geura pelak tatangkalan na leuweung jero dada
tancebkeun sing pageuh ka museur hate
hiji waktu, anjeun bakal beakeun tangkal saukur keur ngiuhan
mangsa eta, tangkal na dada anjeun bakal mere hiliwir angin nu geus mangpirang2 jaman leungit diteureuy waktu

hayu atuh, nyai
sing caringcing mageuh kancing
saringset mageuh iket
urang pelak mang rewu-rewu tutuwuhan
di hate urang
keur barudak nu bakal hanaang di mangsa datang
hayu nyai,
melak rasa
ku asih
jeung nyaah
keur panyebor tutuwuhan rasa
jang mangsa nu bakal karasa
ku barudak, jaga


hayu, mamang
urang singkil
nyingkahkeun hama ceuceub jeung ngewa
ngabasmi wereng korup
jeung sarakah
hayu, mamang!

Nu taat

Umat taat
Imanna kuat
Tumut nasehat
Cekel amanat
Tara khianat
Yakinkeun syhadat
Nanjeurkeun sholat
Puasa tamat
Mere zakat
Ka haji mangkat
Pamadegan tepat
Awak sehat
Bathin wal afiat
Elmuna manfaat
Boga bakat
Gawe giat
Pagaweanna maslahat
Rezeki ningkat
Tutulung rikat
Ka sasama hormat
Tara ngumpat
Tara maksiat
Alam dirawat
Masyarakat kabengbat
Luhur martabat
Loba sobat
Mindeng tirakat
Salawasna tobat
Meunang rahmat
Dunya nikmat
Sugema akherat

Kanyaah Indung - Bapa

Gubrag ka alam dunya, kocéak dengékna jéntré meupeuskeun jemplingna peuting.
Disanggap ku cireumbay kabungah nu jadi kolot.
Renghap-ranjugna indung nu ngalahirkeun,
Kahariwangna Bapa anu teu aya watesna
Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring.

Belenyéhna seuri kuring matak gumbira anu jadi kolot,
Réngkak polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot.
Waktu kuring nandangan lara kolot kuring bingung anu teu aya hinggana,
Teu kuat ngabendung kabingung indung kuring nyegruk ceurik.
Ningali kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas bangun nalangsa, nalangsa pinuh ku kanyaah.

Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah
Kasaha deui mun teu ka kolot kuring, kuring ngadu
Bapa kuring anu ngabébérés masalah kuring
Indung kuring anu ngupahan rasa kasedih kuring

Ayeuna kuring geus gedé
Ayeuna kolot kuring geus rarempo
Asa can pernah kuring mulang tarima
Nu aya ngan ngaririweuh jeung méré kapusing anu jadi kolot

Boh indung kuring atawa bapa kuring
Dugi ka ayeuna kanyaahna teu pegat-pegat
Kajeun jauh ditungtung lembur
Kajeun anggang ti pakarangan
Kanyaah indung bapa kuring tetep pageuh teu aya watesna

Duh... Ema, Bapa hampura kuring
kuring teu acan tiasa mulang tarima kanu jadi kolot

Ngiring Bela Sungkawa

Innalillahi Wa Innailaihi Raji`un
Tos Mulih Ka Jati Mulang Ka Asal Rehna Ka Rahmatullah. Mantan Presiden Urang,
BAPA HAJI MUHAMMAD SOEHARTO. Pi mudah-mudahan Sagala amal Saena Tiasa Ditarima Ku Mantenna, Malah Mandar Tiasa Ditarima Disisi Anu Maha Kawasa.

Jumat, 25 Januari 2008

Serat Kangge Pak Ketua Umum Persib (Walikota bandung)

Kahatur Bapa Walikota Bandung

Nu dipika hurmat

Di Tempat

Assalamu`alaikum wr.wb,

Punten sateuacana, bilih serat sim abdi ngaganggu kana padamelan bapa anu sakitu sibukna. Manawi abdi ngan ukur rahayat alit, hoyong nyampeikeun unek-unek anu mugi-mugi tiasa dipertimbangkeun ku bapa sebagai pemimpin masyarakat Jawa Barat. Kukituna sim abdi hoyong ngadehes nyuhunkeun kawijaksanaana ngaitkeun wacana tim sepakbola kebanggaan masyarakat Jawa Barat, PERSIB anu bade di ical. Pami bener eta wacana, meuni kaduhung teuing atuh. Padahal mah pami ningal sajarahna PERSIB, sanes ukul tim sepakbola, tapi alat perjuangan masyarakat ti zaman kamerdekaan neupika ayeuna. Anu ngaharumkeun Jawa Barat teh saha deui ? Abdi oge ngamaklum pami alesana soal dana, tapi meuni ka tega bade di ical sagala. Kumaha pami nasibna siga PERSIJATIM bareto ? neupika ayeuna gentos jadi SRIWIJAYA FC.

Aduh pa Dada, pami hoyong terkenal mah teu kengeng kitu atuh. Meuni teu aya deui jalan sugan. Bapa teu keudah sieun diteror ku kapentingan anu teu puguh. Abdi sareung warga Jawa Barat anu laina rela ngorbankeun sagalana demi kamajuan PERSIB tercinta.

Emutkeun pak ! PERSIB TEH NU AING !!

Wassalam,

Rabu, 23 Januari 2008

Teu Aya Bangsa Anu Maju Mun Poho Kana Jati Dirina

Urang Ulah Poho Kana Waruga
Yen Hirup Di Tatar Sunda
Geuning Masih Keneh Sok Era Parada
Mun ngomong make basa kawula

Alusna mah geura Pikiran ku sarerea
Meujeuhna dilenyepan tur mikaboga rasa
Ngahormat kana warisan jeung budaya Sunda
Teu Aya Bangsa Anu Maju Mun Poho Kana Jati Dirina

Basa Sunda Moal Waka Tilem

Nada-nada silung ngeunaan hirup huripna basa Sunda nepi ka kiwari masih keneh kapireng. Eta sora-sora silung teh jolna ti para inohong jeung para intelektual Sunda. Aranjeunna nepikeun kahariwangna ka balarea boh dina biantarana boh padungdengan dina media massa, ngamasalahkeun tereh leungitna basa Sunda alatan ditaringgalkeun ku panyaturna. Hade oge tah sikep aranjeunna teh, cingcirining basa Sunda masih keneh loba nu mikageugeut mikameumeut ku urang Sundana pituin.
Kaharti lamun aranjeunna ngarasa inggis tur melang basa Sunda bakal ngahiang, lantaran kabandungan tur kasaksian beuki dieu beuki loba pisan tangtangan anu kudu disanghareupan ku Ki Sunda sorangan. Sirikna teu unggal detik basa Sunda dikepung jeung diperekpek ku basa-basa sejen anu milu hirup babarengan di lemah cai Indonesia. Globalisasi sarta kamajuan teknologi jeung informasi deuih geus pasti milu mangaruhan kana eksistensi basa Sunda.
Tapi nepi ka danget ieu, nepi ka ieu tulisan di-publish dina blog nu ieu, sim kuring teu ngarasa seber teusing ku kaayaan basa Sunda kiwari. Malah beuki dieu hate teh beuki optimis, yen basa Sunda bakal ajeg pageuh dina tangtunganana, nanjeur tur cageur bageur, hirup jeung huripna babarengan jeung basa-basa nu diparake ku etnis sejen anu milu hirup di tatar Sunda.
Naha sim kuring make optimis kitu? Naon buktina yen Ki Sunda bakal milu makalangan di alam nu keur disorang? Saenyana kawilang lobana alesan-alesan anu bisa diasongkeun minangka bukti-bukti anu ngarojong kana argumen sim kuring teh. Geura nya urang tataan hiji-hiji.
1. Dina kahirupan sapopoe, di lingkungan kulawarga Sunda, basa Sunda teh masih keneh aktif diparake ku panyaturna. Kulawarga sim kuring, kulawarga dulur-dulur, kulawarga tatangga, katut kulawarga sobat-sobat sim kuring di wewengkon Cimahi masih keneh satia kana basa Sunda. Eta teh kakara di Cimahi, acan baraya-baraya sim kuring di wewengkon sejenna.
2. Organisasi-organisasi kamasarakatan urang Sunda, misalna dina arisan jeung dina pangajian ibu-ibu, basa Sunda masih keneh dipake minangka pakakas komunikasi maranehna.
3. Dina situasi formal sejenna, misalna dina rapat-rapat resmi, salila nu hadir dina eta gempungan lolobana urang Sunda, ulah salempang, basa Sunda nu jadi alat panyaturna.
4. Dina kagiatan teu resmi saperti transaksi jual beuli di pasar, obrolan rineh dina angkot, di warung kopi, basa Sunda masih keneh populer.
5. Pangajaran Basa Sunda di sakola di wilayah Cimahi tara kungsi nyanghareupan bangbaluh. Malah reueus nu aya wireh para peserta didik daria (antusias), boh dina ngalakonan kagiatan diajar ngajar, boh dina migawe pacen-pancen anu mikabutuh karancagean maranehna ti guru-guruna. Contona dina narulis naskah pidato jeung naskah drama nepi ka mintonkeunana di hareupeun audience, maranehna bisa ngahontal hasil anu maksimal. Ieu teh kakara di lelewek Cimahi, acan di daerah-daerah sejenna di Jawa Barat.
6. Masih keneh loba penerbit anu haat medalkeun buku-buku Sunda.
7. Masih keneh aya media massa, boh media citak boh media elektronik anu materina ngeunaan ka-Sundaan.
8. Basa, sastra, jeung aksara Sunda masih keneh sok diseminarkeun.
9. Pintonan-pintonan anu raket patalina jeung kabudayaan Sunda masih keneh remen dipagelarkeun di gedong-gedong kasenian.
10. Upama urang pirajeunan nyaba ka dunya cyber, basa Sunda oge milu aub di dinya, jadi alat komunikasi di room-room nu dieusi ku para netter urang Sunda. Aya komunitasna, aya jurnal online-na.
Upama nilik sapuluh point nu geus diberendelkeun di luhur, asa pamohalan basa Sunda bakal musna ayeuna-ayeuna. Boro-boro disebut keur sakarat, dalah teu gering-gering acan. Jeung anehna, tudingan yen basa Sunda keur ngalaman hirup teu neut paeh teu hos teh torojolna ti luhur, ti nu palinter, ti para stakeholder (nu nyarepeng kawijakan). Dumasar kana naon atuh eta tudingan-tudingan anu nadana pesimis teh? Naha aranjeunna kantos ngalakukeun observasi sareng ngayakeun panalungtikan ngeunaan hal eta kitu? Da geuning para praktisi di lapangan mah daramang we, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan dina ngagugulung basa Sunda teh.
Saena mah para inohong sareng para intelektual Sunda teh ulah teras-terasan nyebarkeun virus pesimis, tapi kedah sawangsulna, ngagedekeun hate masarakatna ku cara ngarojong kamajuan kabudayaan Sunda umumna, basa Sunda hususna, boh ngaliwatan bantuan moral, komo deui nu sipatna material mah kawilang pentingna. Cag ah!

Raja-raja Karajaan Sunda

  1. Tarusbawa (minantu Linggawarman, 669 - 723)
  2. Harisdarma, atawa Sanjaya (minantu Tarusbawa, 723 - 732)
  3. Tamperan Barmawijaya (732 - 739)
  4. Rakeyan Banga (739 - 766)
  5. Rakeyan Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
  6. Prabu Gilingwesi (minantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
  7. Pucukbumi Darmeswara (minantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
  8. Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
  9. Prabu Darmaraksa (adi beuteung Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
  10. Windusakti Prabu Déwageng (895 - 913)
  11. Rakeyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
  12. Rakeyan Jayagiri (minantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
  13. Atmayadarma Hariwangsa (942 - 954)
  14. Limbur Kancana (putra Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
  15. Munding Ganawirya (964 - 973)
  16. Rakeyan Wulung Gadung (973 - 989)
  17. Brajawisésa (989 - 1012)
  18. Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
  19. Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
  20. Sri Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
  21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
  22. Langlangbumi (Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
  23. Rakeyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
  24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
  25. Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
  26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
  27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)
  28. Prabu Linggadéwata (1311-1333)
  29. Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
  30. Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
  31. Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (nu perlaya dina Perang Bubat, 1350-1357)
  32. Prabu Bunisora (1357-1371)
  33. Prabu Niskalawastukancana (1371-1475)
  34. Prabu Susuktunggal (1475-1482)
  35. Jayadéwata (Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
  36. Prabu Surawisésa (1521-1535)
  37. Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543)
  38. Prabu Sakti (1543-1551)
  39. Prabu Nilakéndra (1551-1567)
  40. Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579)

Karajaan Sunda

Karajaan Sunda