Rabu, 23 Januari 2008

Basa Sunda Moal Waka Tilem

Nada-nada silung ngeunaan hirup huripna basa Sunda nepi ka kiwari masih keneh kapireng. Eta sora-sora silung teh jolna ti para inohong jeung para intelektual Sunda. Aranjeunna nepikeun kahariwangna ka balarea boh dina biantarana boh padungdengan dina media massa, ngamasalahkeun tereh leungitna basa Sunda alatan ditaringgalkeun ku panyaturna. Hade oge tah sikep aranjeunna teh, cingcirining basa Sunda masih keneh loba nu mikageugeut mikameumeut ku urang Sundana pituin.
Kaharti lamun aranjeunna ngarasa inggis tur melang basa Sunda bakal ngahiang, lantaran kabandungan tur kasaksian beuki dieu beuki loba pisan tangtangan anu kudu disanghareupan ku Ki Sunda sorangan. Sirikna teu unggal detik basa Sunda dikepung jeung diperekpek ku basa-basa sejen anu milu hirup babarengan di lemah cai Indonesia. Globalisasi sarta kamajuan teknologi jeung informasi deuih geus pasti milu mangaruhan kana eksistensi basa Sunda.
Tapi nepi ka danget ieu, nepi ka ieu tulisan di-publish dina blog nu ieu, sim kuring teu ngarasa seber teusing ku kaayaan basa Sunda kiwari. Malah beuki dieu hate teh beuki optimis, yen basa Sunda bakal ajeg pageuh dina tangtunganana, nanjeur tur cageur bageur, hirup jeung huripna babarengan jeung basa-basa nu diparake ku etnis sejen anu milu hirup di tatar Sunda.
Naha sim kuring make optimis kitu? Naon buktina yen Ki Sunda bakal milu makalangan di alam nu keur disorang? Saenyana kawilang lobana alesan-alesan anu bisa diasongkeun minangka bukti-bukti anu ngarojong kana argumen sim kuring teh. Geura nya urang tataan hiji-hiji.
1. Dina kahirupan sapopoe, di lingkungan kulawarga Sunda, basa Sunda teh masih keneh aktif diparake ku panyaturna. Kulawarga sim kuring, kulawarga dulur-dulur, kulawarga tatangga, katut kulawarga sobat-sobat sim kuring di wewengkon Cimahi masih keneh satia kana basa Sunda. Eta teh kakara di Cimahi, acan baraya-baraya sim kuring di wewengkon sejenna.
2. Organisasi-organisasi kamasarakatan urang Sunda, misalna dina arisan jeung dina pangajian ibu-ibu, basa Sunda masih keneh dipake minangka pakakas komunikasi maranehna.
3. Dina situasi formal sejenna, misalna dina rapat-rapat resmi, salila nu hadir dina eta gempungan lolobana urang Sunda, ulah salempang, basa Sunda nu jadi alat panyaturna.
4. Dina kagiatan teu resmi saperti transaksi jual beuli di pasar, obrolan rineh dina angkot, di warung kopi, basa Sunda masih keneh populer.
5. Pangajaran Basa Sunda di sakola di wilayah Cimahi tara kungsi nyanghareupan bangbaluh. Malah reueus nu aya wireh para peserta didik daria (antusias), boh dina ngalakonan kagiatan diajar ngajar, boh dina migawe pacen-pancen anu mikabutuh karancagean maranehna ti guru-guruna. Contona dina narulis naskah pidato jeung naskah drama nepi ka mintonkeunana di hareupeun audience, maranehna bisa ngahontal hasil anu maksimal. Ieu teh kakara di lelewek Cimahi, acan di daerah-daerah sejenna di Jawa Barat.
6. Masih keneh loba penerbit anu haat medalkeun buku-buku Sunda.
7. Masih keneh aya media massa, boh media citak boh media elektronik anu materina ngeunaan ka-Sundaan.
8. Basa, sastra, jeung aksara Sunda masih keneh sok diseminarkeun.
9. Pintonan-pintonan anu raket patalina jeung kabudayaan Sunda masih keneh remen dipagelarkeun di gedong-gedong kasenian.
10. Upama urang pirajeunan nyaba ka dunya cyber, basa Sunda oge milu aub di dinya, jadi alat komunikasi di room-room nu dieusi ku para netter urang Sunda. Aya komunitasna, aya jurnal online-na.
Upama nilik sapuluh point nu geus diberendelkeun di luhur, asa pamohalan basa Sunda bakal musna ayeuna-ayeuna. Boro-boro disebut keur sakarat, dalah teu gering-gering acan. Jeung anehna, tudingan yen basa Sunda keur ngalaman hirup teu neut paeh teu hos teh torojolna ti luhur, ti nu palinter, ti para stakeholder (nu nyarepeng kawijakan). Dumasar kana naon atuh eta tudingan-tudingan anu nadana pesimis teh? Naha aranjeunna kantos ngalakukeun observasi sareng ngayakeun panalungtikan ngeunaan hal eta kitu? Da geuning para praktisi di lapangan mah daramang we, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan dina ngagugulung basa Sunda teh.
Saena mah para inohong sareng para intelektual Sunda teh ulah teras-terasan nyebarkeun virus pesimis, tapi kedah sawangsulna, ngagedekeun hate masarakatna ku cara ngarojong kamajuan kabudayaan Sunda umumna, basa Sunda hususna, boh ngaliwatan bantuan moral, komo deui nu sipatna material mah kawilang pentingna. Cag ah!

1 komentar:

samratjaeli mengatakan...

Las Vegas Casino | MapyRO
Hotel in Las 안동 출장안마 Vegas, NV. 15555 Las 시흥 출장마사지 Vegas Blvd S, Las Vegas, NV 89109. 김해 출장마사지 3131 Las Vegas Blvd S, Las Vegas, 순천 출장샵 NV 89109. 안동 출장샵

Raja-raja Karajaan Sunda

  1. Tarusbawa (minantu Linggawarman, 669 - 723)
  2. Harisdarma, atawa Sanjaya (minantu Tarusbawa, 723 - 732)
  3. Tamperan Barmawijaya (732 - 739)
  4. Rakeyan Banga (739 - 766)
  5. Rakeyan Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
  6. Prabu Gilingwesi (minantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
  7. Pucukbumi Darmeswara (minantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
  8. Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
  9. Prabu Darmaraksa (adi beuteung Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
  10. Windusakti Prabu Déwageng (895 - 913)
  11. Rakeyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
  12. Rakeyan Jayagiri (minantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
  13. Atmayadarma Hariwangsa (942 - 954)
  14. Limbur Kancana (putra Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
  15. Munding Ganawirya (964 - 973)
  16. Rakeyan Wulung Gadung (973 - 989)
  17. Brajawisésa (989 - 1012)
  18. Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
  19. Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
  20. Sri Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
  21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
  22. Langlangbumi (Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
  23. Rakeyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
  24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
  25. Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
  26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
  27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)
  28. Prabu Linggadéwata (1311-1333)
  29. Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
  30. Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
  31. Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (nu perlaya dina Perang Bubat, 1350-1357)
  32. Prabu Bunisora (1357-1371)
  33. Prabu Niskalawastukancana (1371-1475)
  34. Prabu Susuktunggal (1475-1482)
  35. Jayadéwata (Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
  36. Prabu Surawisésa (1521-1535)
  37. Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543)
  38. Prabu Sakti (1543-1551)
  39. Prabu Nilakéndra (1551-1567)
  40. Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579)

Karajaan Sunda

Karajaan Sunda